Senin, 11 November 2013

DUNIA DAN AKHIRAT HARUS SEIMBANG

Teu bisa dibenerkeun ku agama, jalma anu nganggurna teh kulantaran beurang peuting waktuna beak dipake ibadah nepi ka manehna teu boga gawe. Memang ari nganggur mah heunteu tapi waktuna keur usaha nyiar rizki beakeun ku wiridan, puasa, jeung sajabana.

Digawe atawa usaha nyiar rizki teh mangrupakeun kawajiban manusa dina hirupna. Digawe ngarupakeun cara anu pangutama-utamana pikeun meunangkeun rizki atawa harta banda. Digawe kaasup ibadah anu baris meunang pahala, malah anjenna sajajar jeung jihad fisabilillah pikeun najeurkeun agama Allah

Dina raraga digawe nyiar rizki, urang kudu tawakal ka Allah, sabab anu nangtukeun sagalana ngan Mantenna. Manusa meunang usaha tapi hasilna aya dina katangtuan Gusti Allah

Rasulullah nerangkeun, " Lamun aranjeun tawakal ka Gusti Allah kalawan sabener-benerna tawakal, tangtu Gusti Allah geus masihan rizki ka manuk anu indit tina sarangna isuk-isuk bari telihna kosong, balikna mah sore telhna buncir " ( HR Ibnu Majah jeung Tirmidzi )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar