HAYU URANG DIAJAR MAOS
QUR’AN
ALLAH
MEMBERIKAN PELAJARAN KEPADA NABI ADAM ( QS
2: 31 – 32 )
Gusti
Allah ta’ala ngadawuh dina QS Al Baqarah ayat 31 - 32 nya eta :
Wa’ allama aadamal asmaaaaa a kullahaa tsumma
aradhahum ‘alal malaaaa ikati , fa qaala an bi uuni bi as maaaa I haaaa u laaaa
I in kuntum shaadiqiin --- qaalu
subhaanaka laa ‘ilmalanaaaa illaa maa
‘alamtanaa , innaka antal ‘aliimul hakim .
Tuluy Anjeunna ngawulangkeun elmu ka Adam
perkara ngaran – ngaran ( barang ) sakumna, tuluy eta barang-barang teh ku
Anjeunna dipitontonkeun ka para Malaikat sarta Anajeunna ngadawuh ,
“ Coba
bejakeun ka Kami ngaran-ngaran eta the upama enya mah maraneh balener “ ---
Para malaikat ngawalon, “ Maha Suci Gusti ! Abdi sadaya heunteu terang naon – naon jabi
ti katerang ( elmu ) anu parantos dipaparinkeun ku Gusti ka abdi sadaya.
Sayaktosna nya Gusti Nu Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana “ . ( QS 2 : 31 – 32 ) .
Dawuhan Allah dina ieu
ayat the Nabi Adam diajar elmu ku Allah, ngan cara Allah masihan elmu ka anjeunna teu siga urang diajar di sakolah,
Allah masihan elmu kana hatena.
Saparantos rengse ngajaran elmuNa, teras Nabi Adam diparentah nyebutkeun nami
barang2 anu aya di alam dunya. Alhamdulillah ku kersana Allah anjeunna tiasa
nyebatkeun sadayana.
Saparantos
nabi Adam, Allah parentah ka para malaikat nyebatkeun nami barang2 anu aya di
alam dunya. Malaikat teu sanggemeun. Sadaya malaikat ngan tiasa nyebatkeun naon
nu parantos dikauninga ku maranehna, nu parantos diajarkeun ku Allah.
Teras
Allah ngajelaskeun ka para malaikat naon nu direncanakeun , nu diputuskeun ku
Aranjeunna moal aya anu tiasa ngelehkeun.
Tina
dua ayat ieu urang sadaya manggih pembelajaran nya eta. Awalna sadaya jalmi teh
teu tiasa naon-naon.
Allah rek ngarobah jalmi lamun jalmi eta aya kaniatan
hoyong robah. Teu cekap gaduh kahoyong wae, tapi kedah disarengan usaha, diajar
nyiar elmu. Elmu mah naon wae, boh elmu agama, elmu pengetahuan, elmu
katrampilan jeung sajabana.
Kunaon
kedah diajar ? Sabab elmu eta keur pibeukeuleun hirup salami cicing di dunya.
Kanggo ngolah bahan-bahan anu parantos disayagikeun ku Allah, kumaha carana
supaya bahan baku eta tiasa janten bahan jadi.
Tah didieu kedah aya proses,
proses ieu anu kasebat berjuang disarengan kalayan kasabaran. Sabab anu
nangtoskeun sagala-galana ngan Allah nyalira .
Oge
manusa teh ulah sombong, lamun teu terang, nya kedah nyarios teu terang, ulah
sampe api-api terang. Teras satekah polah sangkan tiasa dipercanten ku nu
sanesna. Gusti Allah mah langkung uninga naon anu aya di jero hate manusa.
Tah sikap para malaikat tiasa
dianggo pembelajaran keur urang sadaya. Sifat jujur kedah dinomor hijikeun.
Jujur ka diri pribadi, jujur ka Allah, jeung jujur ka sasama manusa.
Lamun
urang ngaraos bodoh nya belajar.Lamun urang ngaraos can ngartis nya naroskeun
ka nu ngartos, lamun urang salah nya geura tobat , lamun urang cape nya
istirahat, lamun urang laper nya gera dahar, lamun urang haus nya geura nginum,
lamun aya panggilan azan nya urang geura solat jeung sajabana .
Mugi
urang sadaya dipasihan rahmat, barakah, jeung rido ti Allah, dibimbing ku Allah
supados urang salamet hirup di dunya oge salamet di akheratna.
Aaaamiin Yaa rabbal’aalamiin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar