TANTANGAN KA JALMA ANU NENTANG AL QUR’AN ( QS 2 : 24 ) Ka 2
HAYUK URANG DIAJAR MAOS QUR’AN…. TANTANGAN KA
JALMA ANU NENTANG AL QUR’AN ( QS 2 : 24
) Ka 2
Gusti Allah ta’ala
parantos neurangkeun ka urang sadayana dina aya 23 jeung sababaraha ayat
sanesna anu aya patula patali jeung eta ayat, anu eusina mah nangtang ka para
jalma anu masih keneh ngagunakeun kitab-kitab jieunan manusa ( sanes Qur’a,
jeung Hadits ), bisa heunte nyien hiji surat anu sarua eusina jeung eta surat.
Ayeuna Allah nambihan
deui penjelasanana, lamun tos manggih jawabana. Lamun bisa heeg gera nyien,
lamun teu bisa berarti kedah ngangken Qur’an, kedah kersa diajar maos Qur’an
kedah kersa ngalaksanakeun pituduh naon wae anu tos diwedarkeun ku Qur’a,,
kedah dijantenkeun pedoman hirup dina ngajalankeun kahirupan di alam dunya, sangkan
manggih kasenangan jeung kabagjaan dunya akhirat. Sakali deui lamun masih keneh
nentang , Allah bakal ngancam eta jalma, naha siap lamun digebruskeun ka naraka
jahanam ?
Allah ta’ala ngadawuh dina Qur’an serat Al
Baqarah ayat 24 nya eta
Fa in lam taf’aluu walan taf’aluu fat taqun naaral latii wa quu duhan
naasu wal hijaaratu ; u’iddat lil kaafirrin .
Jeung upama maraneh heunteu bisa , --- jeung
yakin maraneh moal barisa nyieuna – prak geura raksa diri maraneh tina seuneu
naraka anu suluhna manusa jeung batu, anu dicawiskeun pikeun kafirin.
Al Qur’an tes estu
ciptaan Allah, lain ciptaan manusa, anu eusina pasti benerna. Lamun jieunan
manusa, pasti aya salahna, ku kayaan alam jeung zaman pasti aya robahna
tergantung situasi jeung kondisina. Tapi Al Qur;an mah moal, ti mimiti aya
dugikeun ka akhir zaman ( kiamat ) nya kitu eusina, moal aya anu robah saeutik
oge. Estu Allah teh Maha Uninga, Maha Ningali jeung maha Wijaksana kaha sagala
sesuatuna .
Allah ta’alaa ngadawuh
dina Qur’an serat Huud ayat 1 nya eta
Alif laaaam raa , kitaabun uhkimat aa yaa
tuhun tsumma fushshilat min ladun hakiimin khabiir .
Alf Lam ra . Ieu the Kitab anu ayat-ayatna
disusun jeung diwincik langsung ti Pangeran nu Maha Wijaksana, Maha Tingali
. ( QS 11 : 1 )
Nu matak kitu geura
maraneh menta hampura ka Allah, tobat ka Aranjeunna, teras mangga laksanakeun
naon anu diparentah ku Allah, jauhan anu ku Allah dicaram. Inget ancaman Allah
teh lain heuheureuyan, jangji jeung kaputusan Allah teh pasti, moal rek
dirobah
Allah ta’alaa ngadawuh
dina Qur’an serat Al Anbiyaa ayat 98 nya eta
Innakum wamaa ta’buduuna min duunillaahi
hashabu jahannam , antum lahaa waa riduun . ( QS 21 : 98 )
Saestuna maraneh katut saniskara anu disembah
ku maraneh salian ti Allah,jadi suluhna naraka Jahanam, jeung pasti maraneh
bakal digebruskeun ka dinya . ( QS 21 : 98 )
Ulah kaget engke di
poe kiamat di alam akhirat lamun jalma masih keneh teu manut ka Allah, eta
jalma bakal digebruskeun ka naraka jahanam jeung jalma ataw naon wae anu nuju
di dunya dianggepna the anu bisa nulungan maranehanana.
Allah ta’alaa ngadawuh
dina Qur’an serat Al Anbiyaa ayat 98 nya eta
Lau kaana haaaa u laaaa I ilaahatan maa
waraduuha waa kullun fii haa khaaliduun .
Lamun seug eta para pangeran ( berhala ) the
bener , tanwande maranehna moal digebruskeun ka naraka Jahanam, jeung sakabehna
( berhala-berhala katut nu nyembahna ) bakal langgeng di dinyana ( naraka
Jahanam ) . ( QS 21 : 99 )
Ku kituna, ti mimiti
ayeuna hayuk urang diajar maos Qur’an, ulah Arabna wae anu diaos, hartina oge
kedah diaos, supados ayat anu diaos ku urang the tiasa kahartos maksadna. Tah
lamun parantos ngartos maksadna, manggu urang jalankeun sakamampu urang masing-masing.
Gusti Allah langkung
uninga rahasia anu araya dina lebet hate urang sadaya. Tugas urang sadaya mah
nga diajar Qur’an, sanes dipiwarang ngapalkeun Qur’an. Sabab Qur’an teh kanggo
tuntunan hirup urang, padoman hirup urang, pituduh anu bener keur urang sadaya,
sangkan urang hirup di alam dunya heunteu sia-sia, aya mangfaatna pikeun
kahirupan , kasalametan jeung kabagjaan kahirupan dunya wal akhirah .
Aaaaamiin Yaa
Rabbal’aalamiin
Tidak ada komentar:
Posting Komentar