Sabtu, 09 November 2013

NYIAR RIZKI DI DUNYA KEUR AKHIRAT

Salah sahiji hal anu ngarupakeun kawajiban tiap manusa nya eta digawe nyiar rezki pikeun bekel hirupna. Sababtiasa e urang salaku manusa tangtu urang sarerea seueur kabutuh, boh anu sifatna jasmaniah nya kitu anu sifatna rohaniah saperti urang perlu dahar, nginum, pakean, imah, elmu pangaweruh, pituduh agama jeung sajabina.

Sadaya kabutuh urang anggoning urang hirup di alam dunya teh kedah dicumponan sangkan urang tiasa mempertahankeun lumangsungna hirup jeung kahirupan salaku manusa anu wajar, atuh sakurang-kurangna pikeun nyampurnakeun jeung mempertahankeun harkat martabat hirup urang.

Kahade sing inget yen sagala kabutuh eta moal bisa datang sorangan, moal maruragan ti langit siga cai hujan, tapi kudu disiar jeung diusahakeun sangkan eta kabutuh teh tiasa kacumponan. Tempat urang cicing kiwari tel lain surga anu sagala kari nyokotan kitu wae, lain walungan atawa lautan cai susu anu ngan kari nyiukan; tapi ieu dunya teh tempat urang berjuang pikeun neangan sagala anu ku urang dipikahoyong keur kaperluan hirup ayeuna nya kitu keur pibekeleun jaga dimana urang geus ninggalkeun ieu dunya . 

Ku sabab kitu kawajiban urang sadaya nya eta digawe soson-soson jeung usaha satekah polah pikeun nyiar rizki kabutuh sanesna kalayan pinuh sumanget sarta saimbang antara nyiar pidunyaeun jeung  pi akherateun. Luyu sareng  pidawuh Rasul saw, " Prak geura digarawe aranjeun  keur kapentingan dunya anjeun, saolah-olah anjeun teh rek hirup salamina ; jeung kudu digawe anjeun keur kapentingan akherat saolah-olah anjeun teh rek maot isukan. "  Malahan dina kasempetan sanes Kanjeng Nabi saw sasauran deui , " Lamun anjeun nyaho yen isukan teh kiamat, binih anu aya dina leungeun anjeun pelakkeun wae "

Tapi sabalikna urang kedah soson-soson digawe keur kapentingan akherat urang jaga, saolah-olah urang teh rek maot isukan isuk-isuk, atuh meureun urang teh baris ibadah saloba-lobana sangkan boga keur pibekeleun maot eta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar