Senin, 11 November 2013

NYIAR RIZKI HUKUMNA WAJIB PARENTAH ALLAH

Dina urang nyiar rizki teh aya sababaraha kautamaan, di antarana wae nya eta agama Islam netepkeun yen usaha nyiar rizki teh kaasup ibadah anu baris meunang pahala kawas ibadah anu sanesna. Kanjeng Nabi saw pernah sasauran, " Ibadah teh aya 10 bagian, salapan bagian di antarana aya dina usaha nyiar rizki anu halal ". Malahan leuwih ti kitu usaha teh kaasup jihad fisablillah asal diniatan jeung cara anu dimeunangkeun ku agama.

Ku sabab eta Islam kacida nyelana ka jalma anu gawena ngan ukur riweuh balas ku nganggur, sabab ari pangangguran teh nagrugikeun masyarakat diantarana nayababkeun manusa hirupna heunteu produktif tapi salilana konsumtif, sedengkeun urang pada nyaho yen manusa teh seueur pangabutuh Ku sabab nganggur tea mangka sagala kabutuh teu bisa kacumponan, anu ahirna hirupna ngan ukur gumantung ka nu sejen, jadi pangbeubeurat masyarakat,

Akibat pangangguran teh ngajadikeun sumber kamiskinan. Sedengkeun ari kamiskinan teh ngarupakeun tempat anu subur pikeun timbulna rupa-rupa kajahatan jeung kakacauan. Teu saeutik kajadian ayana krisis rumah tangga. krisis akhlaq atawa moral ku lantaran tekanan ekonomi anu kacida beuratna. Ku lantaran kitu kawajiban urang sarerea pikeun ngajauhan sagala bentuk pangangguran. Ku cara kieu hartina urang geus ngilu nartibkeun jeng mereskeun kayaan masyarakat. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar