NGAN KA
ALLAH URANG NNYEMBAH JEUNG IBADAH . ( QS 2 : 21 ) Ka 1
HAYUK URANG DIAJAR MAOS QUR’AN…
NGAN KA ALLAH URANG NNYEMBAH
JEUNG IBADAH . ( QS 2 : 21 )
Para saderek sadaya
Alhamdulillah urang parantos terang kumaha urang sangkan janten jalma anu beruntung
mungguhing Allah , nya eta ti Qur’an serat Al Baqarah ayat 1 – 5.
Diteraskeun
deui ka sifat-sfat jalma anu kalafir. Ari jalma anu kalafir mah gampang cirina,
nya eta satiap anu nentang kana jalan kahadean
berarti kafir nya eta di ayat 6 – 7.
Tah anu repot urang teh manggihan
sifat-sifat jalma anu munafik. Tapi ku Allah parantos dibukakeun kalayan
katerangan anu jelas pisan mani jentre, nya eta di ayat 8 – 20.
Janten urang
sadaya ayuena parantos terang urang rek milih rerencangan sareng saha, naha urang bade ka nu bakal
pibagjaeun atanapi picalakeun , bade milih jalan hade atanapi goreng, ieu mah
tergantung urang sorangan, kumargi dosa-dosana teh sanes jalma sejen anu
nanggungna , tapi pribadi masing-masing .
Allah swt ngadawuh dina serat Al Baqarah ayat 21 nya eta :
Yaaaa ayyuhan naasu’buduu rabbakumul ladzii khalaqaqum wal
ladziina min qabliqum la’al lakum tat taquun .
Yeuh manusa ! Prak maraneh geura aribadah ka Pangeran maraneh (
Allah ) anu geus ngayugakeun maraneh katut jalma-jalma anu samemeh maraneh,
supaya maraneh jadi jalma-jalma anu tarakwa . ( QS 2 : 21 )
Melalui ayat ieu Gusti
Allah marentahkeun ka urang sadayana dipiwarang ibadah ka Allah jeung nyembah
Allah. Parentah ieu teh sanes kanggo urang wae, ti jaman baheula oge sami keneh
parentahna .
Janten urang sadaya teh
ibadah sanes hoyong supados beunghar, atanapi manggih kadudukan, atanapi
jabatan anu sae, tapi ngabakti ka Allah anu murni , heunteu dicampuran ku
urusan dunya.
Na kunaon kitu ? Pan
urang teh hirupna di dunya, butuh kanggo bekel hirup di dunya ? Didieu seueur
jalma anu can ngartos dina kaayaan dirina di dunya.
Nu matak seueur jalma
anu sasab ka nu jalan sesat, sagala cara dilakukeun kanggo ngejer dunya, teu
paduli halal jeung haramna. Nu penting hasil anu dipikamaksad.
Pan Allah teh tos
nyebatkeun yen dirina teh Maha Adil. Ari adil teh moal aya anu dirugikeun,
disengsarakeun, dizaliman,tapi sadayana dipikadeudeuh ku Allah, dipasihan
rezeki ku Allah, dilindungan jeung disalametkeun ku Allah.
Anu penting tugas
urang mah ngan usaha, kerja, sakamapu urang, teras ulah hilaf ngadoa supaya naon
wae anu dilampahan ku urang teh kenging ridhaNa.
Anu salajengna mangga
serahkeun diri ka Allah, kana urusan rezekina. Ari kasebat rezeki teh sanes,
duit wae, rencang, elmu, jodoh , kasehatan, kasalametan, kakiatan , soca tiasa
ningali, otak tiasa mikir, panangan tiasa digawe, suku tiasa ngalengkah eta
sadayana rezeki ti Allah, termasuk, kaimanan, hidayah jeung sajabana.
Ku kituna hayu urang
sami sami nyembah Allah, ulah sampe urang nyembah ka sanesna Allah. Urang
sadaya mangga takwa ka Allah, mangga naon wae anu diparentah ku Allah urang
laksanakeun sing ikhlas . jeung naon anu dicaram ku Allah , kahade ulah
dilampahan ku urang sadaya, bisa matak urang janten cilaka.
Mugi Allah masihan
hidayah jeung kakiatan kanggo urang sadaya supados urang sadaya janten
jalma-jalma anu beriman jeung bertakwa ka Allah ta’ala.
Aaaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar