Senin, 07 September 2015

NGAN KA ALLAH URANG NYEMBAH JEUNG IBADAH . ( QS 2 : 22 ) Ka 2

NGAN KA ALLAH URANG NYEMBAH JEUNG IBADAH . ( QS 2 : 22 ) Ka 2

HAYUK URANG DIAJAR MACA QUR’AN… 
NGAN KA ALLAH URANG NNYEMBAH JEUNG IBADAH . ( QS 2 : 22 )

Parantos dikauninga ku urang sadaya nya eta, urang sadaya ngan dipiwarang nyembah ngan ka Allah, ulah sampe nyembah ka saliyana ti Allah. Jeung  ibadah anu dijalankeun ku urang oge ngan ka Allah kanggo Allah, ulah sampe dicampuran sareng urusan dunya urang.

Sabab masalah rezeki sanes urusan manusa, tapi urusan Allah. Ngan Allah anu ngaturna, anu nangtukeunana. Manusa moal bisa turut campur, nu penting mah manusa ngan usaha jeung kerja , nuhunkeun ka Allah, teras pasrah ka Allah sagala putusanana, aralus gorengna, lancar jeung macetna, ageung alitna, gagal jeung suksesna jeung sajabana.

Urang sadaya kedah yakin yen anu datang ka urang teh tos dipangmilihkeun ku Allah pang saena. Sanaos anu datang teh pahit, teu cocok sareng salerana, berarti urang tos nuduh Allah goreng. Ku kituna urang bakal manggih cilaka.  

Supados urang manggih katerangan anu jelas Allah ngutus Rasul kanggo ngajelaskan ayat-ayatNya nya eta dina serat An Nahl ayat 36 Allah ngadawuh :

Walaqad ba’atsnaa fii kulli ummatin rasuulan ani’budullaaha waj tanibuth thaaghuuta

Jeung saestuna Kami geus ngutus Rasul-rasul ka saban umat ( anu nguar – ngajak ) : “Geura aribadah ka Allah sarta singkahan Thaghut “ . ( QS 16 : 36 )

Janten lamun urang heunteu nyembah ka Allah hartosna urang pasti nyembahna Thaghut. Thaghut tiasa oge basa siloka bisa harta benda, pangkat, jabatan, kakawasaan, barang anu dianggapna ngagaduhan kakiatan jeng sajabana .

Gusti Allah oge dawuhan ka nabi Nuh as supados parentah ka umatna

Laqad arsalnaa nuuhan ilaa qaumihii faqaala yaa qaumi’budullaaha maa lakum min ilaahin ghairuhu . ( QS 7 : 59 )

Saestuna kami geus ngutus Nuh ka kaomna, sarta pokna , “ Yeuh , kaom kaula ! Geura aribadah arandika ka Allah, taya deui Pangeran pikeun arandika salian ti Aranjeunna “

Allah swt ngadawuh dina serat Al Baqarah ayat 22 nya eta :

Al ladzii ja’ala lakumul ardha firaasyan was samaaaa a binaaaaa an ; wa anzala minas samaaaa i maaaa an fa akhraja bihii minats tsamaraati rizqan lakum falaa taj’aluu lillaahi andaa dan wa antum ta’maluun .

Allah anu ngajadikeun bumi jadi amparan maraneh, jeung langit minangka adeganana , jeung Anjeunna geus nurunkeun cai hujan ti langit, sawa ku eta cai hujan Anjeunna ngaluarkeun bubuahan, rezeki pikeun maraneh , ku kituna poma ulah pisan maraneh nyieun tandingan pikeun Allah , sedeungkeun maraneh teh nyaraho . ( QS 2 : 22 ) 

Allah ta’ala ngajelaskeun yen bumi anu dihamparkeun ku Aranjeunna kanggo tempat tinggal, manusa oge tanem-taneman , anu nghasilkeun buah-buahan , sagala sato, walungan2 jeung lautan anu dieusian lauk cai boh nu tawar boh nu asin. Eta sadayana kanggo kabutuhan manusa.

Sajabina eta Allah ta’ala nyiptakeun langit tanpa tihang tapi teu ngagebruk ka handap, anu eusina sagala planet, panon poe, bulan, bintang-bintang awan jeung sajabana. Eta oge kanggo kabutuhan manusa, ngan manusana wae can terang atanapi can nepi elmuna kana sagala hal anu aya di langit.

Ti langit Allah nurunkeun hujan minangka rahmat ti Aranjeunna kanggo nyiram bumi anu ngakibatkeun bumi janten subur, tanem-taneman janten hejo siga permadani anu dihamparkeun. Oge nganggo kabutuhan manusa, boh kanggo nginum atanapi kanggo ibadah.

Sadaya eta anu ros diterangkeun teh minangka rahmat ti Allah, rezeki ti Allah, boh hasil anu ti saluhureun jeung sajroning bumi, anu ti laut, anu ti langit  kanggo manusa sadaya. Sajabina ti eta oge supaya manusa tiasa naliti tina sagala kajadian alam anu parantos ditingalkeun ku Allah. 

Lamun Allah nyarios siga urang kieu mah. Kuring kurang kumaha ka maneh, heg saha anu bisa nyaingan Kuring. Anu ditunjukeun ku Kuring teh sabagian tina tanda-tanda Kaluhuran jeung Kakawasaan Kuring , supaya maneh tambah yakin ka Kuring.

Naha maneh masih keneh percaya ka nu sejen tibatan ka Kuring ? Kuring leuwing nyaho ka na sagala hal anu katingali boh anu heunteu katingali. Sedeungkeun maneh ngan nyaho sabagian tina ilmu Kuring.

Tah kitu, mugi urang sadaya saparantosna maos ieu, kaimanana nambah kokoh , kayakianana nambah teguh, nambah caket deui ka Allah. Sadaya-daya teh ngan ku kersana Gusti Anu Maha Suci jeung Maha Agung.

Aaaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar