Kamis, 03 September 2015

IMAN KA AL QUR’AN JEUNG POE QIAMAT ( QS 2 : 4 – 5 )

IMAN KA AL QUR’AN JEUNG POE QIAMAT ( QS 2 : 4 – 5  )

HAYU URANG DIAJAR MAOS QUR’AN . IMAN KA AL QUR’AN JEUNG POE QIAMAT

Gusti Allah ta’ala ngadawuh dina QS Al Baqarah ayat 4 – 5 nya eta :

Wal ladziina yu’minuuna bimaaaa unzila ilaika wa maaaa unzila min qablika wabil aakhirati hum yuuqinuun  --  ulaaaa ika ‘alaa hudan min rabbihim wa ulaaaa ika humul muflihuun. ( QS 2 : 4 – 5  )

Jeung anu ariman kana ( Qur’an) anu diturunkeun ka maneh ( Muhammad ) turta ariman kana ( kitab – kitab ) anu diturunkeun ka nu samemehna , yakin kana poe akhirat  -- Nya maranehna anu meunang pituduh ti Pangranana jeung nya maranehna jalma – jalma anu meunang kabagjaan.  ( QS 2 : 4  -  5 )

Gusti Allah ta’ala nambihan kateranganana salain ti ayat 1 , 2 , 3 nya eta di ayat 4 , 5 serat Al Baqarah kanggo urang sadaya saha anu kasebat jalma-jalama anu bertaqwa teh ? 

Nya eta jalma-jalma anu beriman ka Al Qur’an . Yakin Al Qur’an teh ti Allah, kitab Allah anu paling sampurna  tina kitab-kitab Allah sanesna nya eta ZabuR, Taurat , Injil , Shuhuf Imbrahim.

Al Qur’an oge ngangken ka na kitab-kitab Allah anu sanesna, ngan kumargi parantos turun kitab Qur’an ,sadayana kedah nganggo Qur’an, ulah nganggo kitab anu sanesana, komoh deui kitab-kitab anu ciptaan manusa.

Lamun urang sadaya masih tetep nganggo kitab ti kolot urang anu jaman baheula sapertos kitab parimbon, kitab elmu nujum, sihir jeung sajabana, sanaos Qur’an oge dianggo, tetap eta jalma ka asup masih acan beriman ka kitabna Allah. Ka kitabna Allah can beriman hartosna ka kanjeng Nabi Muhammad oge sami keneh, oge ka Malaikat, utamina mah ka Allah.

Mangga ayeuna urang ningali zaman kapungkur zaman nabi Muhammad anu kasebat zaman jahiliyah, eta masih can aya kitab Allah, tos kasebat zahiliyah. Ayeuna parantos aya Qur’an masih tetep Qur’an teu dianggo. Janten saha anu langkung zahil, nama jalma – jalma anu zaman nabi Muhammad atanapi zaman ayeuna ?

Sigana mah pendapat abdi langkung zahil zaman ayeuna, Qur’an teu dianggo, masih resep jeung yakin kana kuburan2 anu dianggapna keramat, boh kuburan para wali ,habib, kyai, jalma anu dianggapna saroleh mungguhing pendapat manusa, atanapi masih percaya kana barang-barang antik sapertos, keris, tombak, batu cincin, sabuk, tongkat anu dianggapna teh ngandung kakiatan, yakin yen barang eta teh aya anu nungguan , barang-barang etah teh dianggapna tiasa ngalindungan jeung nyalametkeun sarta tiasa ngangkat darajatna salami manehna gumelar di alam dunya. Tah anu model kieu anu tos kalebet parbuatan syirik, jalmina musyrik

Lamun urang hoyong mangmeunangkeun kabagjaan urang ulah pipilueun ka nu model kitu. Urang kedah sing yakin dina ngalaksanakeun naon anu parantos dibedarkeun ku Allah tina ayat kahiji dugi ayat ka lima serat Al Baqarah ieu.

Mugi – mugi wae urang sadaya tiasa kalebet kana jalma – jalma anu meunang kabagjaan ti Allah, lain jalma-jalma anu cilaka mungguhing Allah .


Aaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin .

Rabu, 02 September 2015

KUMAHA JANTEN JALMA ANU TAKQWA ? ( QS 2 : 3 ) LANJUTANNYA

KUMAHA JANTEN JALMA  ANU  TAKQWA  ? ( QS 2 : 3 )
LANJUTANNYA

Gusti Allah ta’ala ngadawuh dina QS Al Baqarah ayat 3 nya eta :

Al ladziina yu’minuuna bil ghaibi wa yuqiimunash shalaata wa mimmaa razaknaa hum yunfiquun . ( QS 2 : 3 )

( Nya eta ) jalma – jalma anu ariman ka nu ghaib , jeung anu ngaradegkeun salat , jeung anu ngadermakeun sabagian tina rezekina anu ku Kami geus dipaparinkeun ka maranehanana.  ( QS 2 : 3 )

Gusti Allah ta’ala nambihan kateranganana salain ti ayat 1 , 2 nya eta di ayat 3 serat Al Baqarah kanggo urang sadaya saha anu kasebat jalma-jalama anu bertaqwa teh ? Nya eta jalma-jalma :

1.Anu beriman ka nu ghaib. Ghaib teh anu heunteu katingali ku urang sapertos, poe kiamat, manusa dihudangkeun jeung dikumpulkeun di padang Mahsyar, dipenta pertanggung jawaban kana amalna, teras ditimbang ( Mizan ) kitab amalnya , teras nampi kitab amal , teras nyebrang jembatan Sirathal Mustaqiim, terakhir urang manggihan tempat naha suwarga atanapi naraka. Janten ghaib teh sanes Jin, Setan, Merkayangan, bangsa dedemit, sanes eta ;

2. Anu garadegkeun salat. Ari salat teh eusina mah doa, urang ngobrol jeung Allah langsung kalayan aturan anu parantos ditangtukeun gerakna di awalan ku takbiratul ikhram jeung di pungkasan ku ucapan salam. Salat teh hukumna wajib ti Allah. Salat wajib kedah dilaksanakeun ku urang sadayana lima kali sa dinten sa wengi nya eta Subuh 2 raka’at , Dzuhur 4 raka’at, Asar 4 raka’at, Maghrib 3 raka’at jeung Isa 4 rakaat, jumlah sadayana aya 17 raka’at. Maksadna ngaradegkeun salat teh urang ngalaksanakeun salat sesuai jeung syarat rukunna , samemeh salat urang kedah wudhu ( bersuci heula ), lamun teu wudhu salat urang batal, heunteu sah. Janten urang sadaya boh wudhuna boh pelaksanaan salatna kedah tertib, teratur, tuma’ninah, jeung istiqamah salami urang masih hirup keneh di alam dunya ;

3. nu ngadermakeun tina rezekina ti Allah ta’ala. Sabab Allah masihan rezeki ka urang teh aya titipan Allah 2,5% tina rezeki eta kedah dikaluarkeun, disadaqahkeun, dizakatkeun ka nu berhak narima. Utamina kanggo saha ? Kanggo kaluwarga , kerabat karib , fakir, miskin , anak yatim, nulungan ka nu butuh   , nalangan ka nu susah.

Sing  saha tiasa ngaluarkeun infaq, zakat atanapi sadaqah sanaos hirupna susah, eta parantos kelebet jalma balalenghar. Hirupna pasti dimulyakeun ku Allah . 

Sing saha heunteu ngalurkan zakat , infaq , sadaqah sanaos gaduh rompok sigrong marong-marong, sawahna hektaran, mobilna seueur, parabotna seeur barang antic , tah nu model kieu kalebet jalma fakir jeung miskin, oge tiasa kalebat kana jalma kikir, pedit, kucrit. Hirupna oge bakal dihinakeun ku Allah, lewih hina tibatan sato.

Mugi urang sadayana sing tetep dipaparingan hidayah ti Allah, dipasihan kakiatan ngalaksanakeun ibadah salat wajib, jeung dipasihan sifat kadeudeuh ka sasama, utaminya ka jalma-jalma anu hirupna sangsara, oge mugi urang sing dipasihan kakiatan istiqamah dina ngalaksanakeun sagala parentah Allah.


Aaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin

KUMAHA JANTEN JALMA ANU TAKQWA ? ( QS 2 : 1 - 2 )

HAYU  URANG  DIAJAR AL QUR’AN
KUMAHA JANTEN JALMA  ANU  TAKQWA  ?
Gusti Allah ta’ala ngadawuh dina QS Al Baqarah ayat 1 - 2 nya eta :
Alih Laaaam Miiim . Dzaalikal kitaabu laa raibafiihi hundan lil muttaqiin . ( QS 2 : 1 – 2 )
Ngan Allah anu Maha Unginga . Ieu kitab ( Quran ) teh , heunteu aya kamangmangan dina eusina , pituduh ( hidayah ) pikeun muttaqiin . (  QS 2 : 1 - 2  )
Dawuhan Allah dina ieu ayat teh keur urang sadayana nya eta lamun urang hoyong janten jalmi anu muttaqiin,anu takwa aya anu kedah di cepeng ku urang sadaya , nya eta Al Quran.
Al Quran teh sanes damelan manusa tapi Allah, anu eusinya moal diragukeun deui pasti bener jeung sampurna kana sagala halna.
Kukituna lamun urang masih alim diajar ngaos Qur’an, teu terang eusina Al Quran, teu paham kana masadna Al Quran, kumaha urang bisa takwa ka Allah tanpa dasar akelmuan nanaon ?
Kahade ulah Arabna wungkul anu diaos ku urang, hartina oge kedah faham. Seueur jalma ngaku boga Qur’an tapi teu aya tarjamahna, na kumaha bisa ngartos  ayat-ayat anu diaos ?
Kahade ulah salah faham yen Al Qur’an teh ngan khusus kanggo para ulama jeung ajeungan wungkul, cek saha eta ? Manggih berita ti saha ? Al Qur’an teh kanggo para pedoman jeung tungtunan hirup manusa anu masih gumelar di alam dunya.
Ulah sampe dicandakan wae ngan Yasin wungkul, diaosna oge ngan satiap malem Jum’at , lamun ngalongok nu gering, lamun manggih kasusah, lamun teu kitu nya teu diaos, ajaran ti mana eta, saha anu ngajarkeun kitu ?
Aya dei nulis ayat Kursy terus tulisanana dipasang di luhurun panto, atawa lamun aralus, dianggo hiasan di ruang tamu, kanggo ngusir setan. Cek saha eta, saha anu ngajaran kitu ?
Aya deui anu dibaca teh ngan surat waqi’ah wungkul, supaya rezekina lancar, gengser. Ajaran ti mana eta ? Saha anu ngajarkeun kitu.?
Aya deui cukup ku apal surat Al Fatihah , Al Ikhlas , Al Falaq , An Naas, Ayat Kursy , Al Baqarah ayat 284 , 285 , 286 wungkul kumargi sering dianggo acara tahlilan. Janten lamun teu aya tahlilan tara sok diaos . Ieu oge ajaran ti mana ? Jeung saha anu ngajarkeun kitu ?
Saleresna heunteu kitu anu kasebut Qur’an teh sadayana ti mimiti surat Al Fatihah dugi ka surat An Naas, 114 surat, 30 juz , 6666 ayat ….eta anu kasebat Quran
Syukur Alhamdulillah lamun urang sadaya kersa diajar maos Qur’an jeung tarjamahnya, eta oge tos kasebat manggihan hidayah ti Allah, komoh deui lamun ku urang dilaksanakeun dina kahirupan sapopoe, wah langkung alus deui.
Allah marentahkeun Al Quran teh diaos sanes diapalkeun tapi cukup diaos , keun Allah anu masihan pemahaman, kana eusina ayat anu diaos ku urang, tah eta anu kedah dilaksanakeun ku urang. Laksanakeun sakamapu urang, ulah sok maksakeun diri, eta teh salah sahiji perbuatan zalim, zalim ka diri. Allah teu ridha kana hal eta.

Laksanakeun ibadah ka Allah sakamapu urang tapi sing ikhlas ridha karena Allah ta’ala, lepas dina urusan duniawi. Ari urusan dunya mah Allah parantos ngatur ka satiap jalma sadidintena. Tugas urang mah ngan usaha, kerja , ibadah sadayana teh kanggo Allah sadaya, jeung karana Allah. Mugi urang sing aya dina tangtayungan ti Gusti Allahta’ala. Aaaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin
Kasimpulan takwa tina serat Al Baqarah ayat 2 teh nya eta
1.ulah sampe urang nyakutuan Gusti Allah ;
2. urang ledah meng Esakan Allah, nyatakeun , yakin yen Gusti Allah the hiji ;
3. urang kedah beramal sakumaha parentah Allah ;
4. urang kedah sieun kana azab jeung siksana Allah ;
5. urang kedah ngaharepkeun barakah, ramat jeung ridhana Allah ;
6. urang kedah sing tiasa ngajaga diri tina hal-hal anu diharamkeun ku Allah ;


Aaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin

Sabtu, 29 Agustus 2015

HARI KEBANGKITAN DARI ALAM KUBUR ( QS 99 : 6 - 8 )

HARI  BENAGKITAN  DARI  ALAM  KUBUR  (  QS 99 : 6 – 8 )

Allah swt berfirman di dalam QS Al Zalzalah ayat 6 – 8 yang berbunyi

Yauma idzin yashdurunaasu asytaa tan liyuraw a’maa lahum  --  faman ya’mal mitsqaala dzarratin khairan yarah  --  waman ya’mal mitsqaala dzarratin syarran yarah .( QS 99 : 6 – 8 )

Pada hari itu manusia keluar dari kuburnya dalam keadaan berkelompok – kelompok, untuk diperlihatkan kepada mereka ( balasan ) semua perbuatannya  --  maka barangsiapa yang yang mengerjakan kebaikan seberat zarrah, niscaya ia akan melihat ( balasan ) nya dan barangsiapa mengerjakan kejahatan seberat zarrah, niscaya ia akan melihat ( balasan ) nya

Setelah Allah menjelaskan tentang awal proses terjadinya Hari Kiamat, kemudian Dia melanjutkan penjelasannya ada peristiwa apakah selanjutnya setelah terjadinya kiamat tersebut

Kejadian berikutnya adalah manusia dibangkitkan dari alam kubur seperti orang yang baru bangun tidur, kemudian mereka digiring ke suatu padang yang luas dan datar yaitu padang mahsyar, 

dan mereka langsung membentuk kelompok-kelompok, yang pastinya ada tanda tertentu untuk setiap kelompoknya, dan bentuk manusianyapun keadaannya berbeda-beda, ada yang hitam legam, ada yang putih bercahaya dan lain sebagainya. 

Dan di padang mahsyar itulah manusia akan ditanyai satu persatu untuk dimintai pertanggung jawabannya di hadapan Raja Yang maha Adil yaitu Allah Tuhan yang Maha Esa, apa yang dilakukannya selama berada di dunia, dan tidak ada yang terlewatkan sedikitpun. 

Setelah ditanya tentang perbuatannya, kemudian kitab amal perbuatannya itu ditimbang ( Mizan ) . Bagi yang banyak amal kebaikannya maka timbangan akan berat ke kanan dan kitab amal tersebut kemudian diberikan Allah kepada pemiliknya , dan akan diterima dengan tangan kanan. 

Bagi yang menerima kitab amal tersebut dengan tangan kanan berarti ia menjadi manusia yang beruntung di sisiNya. 

Sebaliknya bagi yang amal kebaikannya sedikit, maka timbangan akan berat ke kiri, dan kitam amalpun akan diterima dengan tangan kiri. 

Dan bagi yang menerima kitab amal dengan tangan kiri, maka ia termasuk golongan orang-orang yang celaka di sisi Allah. 

Semua dibalas sesuai dengan amal perbuatannya masing – masing, tidak ada yang dirugikan sedikitpun.  

Yang beruntung akan menjadi orang yang bahagia di sisiNya, karena akan mendapatkan berbagai macam kenikmatan dariNya, 

Sedangkan yang celaka akan mendapatkan siksa dan azab dari Allah, dan semuanya itu kekal selama-lamanya di tempatnya masing-masing.

Semoga saja setelah kita membaca dan menyimak surat Al Zalzalah dari ayat 1 – 8 ini kita akan semakin dekat lagi ke Allah, 

hati kita semakin dibuka lebar-lebar sehingga Allah berkenan memberikan rahmatNya , barakahNya dan ridhaNya kepada kita semuanya. 

Dan semoga saja taufik, hidayah, inayah dan maunahNya selalu menyertai kita dimanapun kita berada dan kemanapun kita pergi .

Ya Allah ampunilah kami semua atas dosa2 yang telah kami perbuat. Berilah kami semua bimbinganMu, petunjukMu, hidayahMu agar kami selalu berada di jalanMu jalan yang diridhai olehMu.


Ya Allah ampunilah pula dosa2 kedua orang tua kami , saudara2 kami sesama muslim dan yang beriman, terimalah iman islam kami, amal ibadah kami, maafkanlah segala kekeliruan dan kelalaian kami, hapuskanlah segala kesalahan kami. 

Aaaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin

Jumat, 28 Agustus 2015

BUMI , GUNUNG2 DAN LAUT MENTAATI PERINTAH ALLAH ( QS 99 : 4 – 5 )



Allah swt berfirman di dalam QS Al Zalzalah ayat 4 – 5 yang berbunyi

Yauma idzin tuhadditsu akhbaarahaa  --  bi anna rabbaka awhaa lahaa . ( QS 99 : 4 – 5 )

Pada hari itu bumi menyampaikan beritanya --  karena sesungguhnya Tuhanmu telah memerintahkan ( yang demikian itu ) padanya .

Melalui ayat 4 dan 5 ini Allah mengungkapkan bahwa saat terjadinya guncangan yang amat dahsyat itu, bergetarnya bumi, hancurnya bumi dan rusaknya bumi, bukan atas kehendak alam semesta, akan tetapi atas kehendak Nya, atas pertintahNya. Tergantung Dia apa perintahNya.

Allah swt berfirman di dalam QS An Naml ayat 88 yang berbunyi :

Wataral jibaala tahsabuhaa jaamidatan wahiya tamurru marras sahaab . ( QS 27 : 88 )

Dan kamu lihat gunung-gunung itu, kamu sangka ia tetap ditempatnya, padahal ia berjalan sebagai jalannya awan.

Pada ayat ini Allah memerintahkan agar gunung-gunung berbergerak atau berjalan seperti geraknya awan.

Allah swt berfirman di dalam QS Ath Thuur  6  yang berbunyi

Wal bahril masjuur . ( QS 52 : 6 ) dan laut yang  di dalam tanahnya ada api

Maksudnya Allah memerintahkan tanah yg ada air lautnya brubah menjadi api sehingga lautpun berubah menjadi panas

Allah swt berfirman di dalam QS An Nabaa ayat 17 – 20 yang berbunyi

Inna yaumal fashli kaana miiqaataa  -- yauma yunfakhuu fishuuri fata’tuuna afwaajaa  --  wafutihatis samaaaaa u fakaa nat abwaaba  --  wasuyyiratil jibaalu fakaanat saraaba. ( QS 78 : 17 – 20 ).

Sesungguhnya Hari Keputusan ( Hari Kiamat ) suatu waktu yang ditetapkan – yaitu hari ( yang pada cwaktu itu ) ditiup sangkakala, lalu kamu datang berkelompok – kelompok  --  dan dibukalah langit, maka terdapatlah pintu  -- dan dijalankanlah gunung – gunung, maka menjadi fatamorgana ia.

Melalui ayat ayat ini Allah memberikan gambaran tentang Hari Kiamat bahwa begitu ketetapan kiamat datang, maka ditiuplah terompet sangkakala, suatu tanda kiamat tiba, gunung2 hancur dan berubah menjadi tanah datar seperti fata morgana, pintu-pintu langit mulai terbuka sedangkan manusia sudah dibangkitkan dari kematian dan membentuk kelompok-kelompok. 

Dan perlu diketahui bahwa semua itu adalah perbuatan Allah  yang sudah menjadi ketentuanNya.

Dari mulai ayat 1 sampai dengan ayat 5 surat Al Zalzalah ini adalah proses awal terjadinya kiamat besar. 

Kalau ada kiamat besar berarti ada kiamat kecil ? Benar, kiamat kecil itu adalah kematian dari seseorang. Karena dengan kematian tersebut maka putuslah orang tersebut dengan urusan dunianya. Ia akan berpindah ke alam kubur ( untuk sementara waktu ) menunggu sampai kiamat besar terjadi, yaknik hancurnya seluruh alam semesta ini .

Ya Allah ampunilah kami semua atas dosa2 yang telah kami perbuat. Berilah kami semua bimbinganMu, petunjukMu, hidayahMu agar kami selalu berada di jalanMu jalan yang diridhai olehMu.

Ya Allah ampunilah pula dosa2 kedua orang tua kami , saudara2 kami sesama muslim dan yang beriman, terimalah iman islam kami, amal ibadah kami, maafkanlah segala kekeliruan dan kelalaian kami, hapuskanlah segala kesalahan kami. 

Aaaaamiin Yaa Rabbal’aalamiin