Minggu, 10 November 2013

NYIAR RIZKI ANU PALING UTAMA

Dina hiji riwayat disebutkeun , " Rasulullah nuju calik sareng sababaraha sahabtna, katingali aya hiji pamuda anu jagjag tur kuat awakna, isuk-isuk keur ngajorag ka tempuat usahana. Ningali tina gayana, jeung gidigna para sahabat nyarita, " Kacida alusna eta pamuda lamun seug mangsa remajana ku awak anu sakitu kuatna dipake digawe di jalan Allah. Mangka ngadawuh Rasulullah saw, "Tong nyarita kitu aranjeun sabab saenyana lamun eta pamuda inditna teh aya dina jalan Allah. Jeung lamun manehna indit ti imahna keur sabab pekeun nganapakahan dirina sorangan sangkan teu milampah hal-hal anu ngalanggar aturan, mangka manehna aya dina jalan Allah, tapi lamun manehna kaluar ti imah, pikeun digawe keur ria jeung kagagahan wungkul, saenyana manehna teh aya dina jalan setan "

Para  pamiarsa sadaya , aya hal anu ulah dipohokeun ku urang dina raraga nyiar rizki ieu nya eta ngeunaan carana urang usaha, sabab kanyataanana aya anu memang halal ceuk agama atawa aya anu haram. Sedengkeun Nabi saw kantos ngaisyaratan yen dina akhir zaman , manusia baris nyiar rizki teh teu tolih halal jeung haramna deui asal hasil wae.

Ku sabab kitu salaku hiji muslim tangtu urang mikahayang sangkan rizki anu kapimilik teh rizki anu halal tur cara ngusahakeunana oge ku jalan anu halal, mangka dina kasempetan ieu baris digugikeun sababaraha pagawean anu ngalanggar aturan agam dina nyiar rizki nyaeta :
1. Digawe anu sifatna dholim atawa kaniaya ka batur misalna, judi renten atawa riba, nimbun barang anu bener-bener keur dibutuhkeun ku masyarakat jeung sajabana;
2. Digawe anu sifatna ngandung panipuan, saperti ngurangan timbangan jeung ukuran atawa takeran, teu jujur 3. Usaha anu ngabahayakeun kasalametan dirina oge anu liyan saperti dagang inuman keras, narkoba, jeung sajabana.

Aya deui memang kadang-kadang tanpa usaha oge urang sok meunang rizki saperti aya pamere ti batur, hadiah jeung sajabana. Tapi cara anu utama mah dina Islam pikeun meunangkeun rizki teh lain ku cara hadiah pamere atawa warisan, tapi hasil jerih payah sorangan, malahan panghade-hadena rizki nya eta rizki hasil tini itikurih sorangan, sanajan pamere ti batur oge ari hukumna mah tetep halal.

Dawuhan kanjeng Nabi saw, " Saenyana pang utama-utamana usaha nya eta usaha ku leungeuna sorangan, jeung ari kadaharan anu pang alusna nya eta, kadaharan anu meunang hasil usahana sorangan " ( HR Bukhari) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar